Asa kamari urang sasarengan
Di ajar di aping ibu bapa guru
Asa can lami urang sosobatan
Cunduk waktosna ayeuna papisah
Reff 1... Papaisah urang bakal papisah
Patebih urang bakal patebih
Paanggang urang paanggang
Paturay urang bakal paturay
Lulus ujian kacida bungahna
Ibu bapa guru duh ageung jasana
Lulus sakola ngudag cita-cita
Muga-muga jaga urang tepung deui
Reff 2... Pileleyan sobat-sobat sarerea
Pileleyan duh ibu bapa guru
Eta turai kacida sedihna
Pileleyan duh kantun waasna